Rabu, 12 September 2012

Carita asal usul Gunung Kelud
Dicaritakeun di Jawa belah wetan, aya raja nu ngarana Raja Brawijaya boga anak istri nu geulis kawanti-wanti, ngarana Dyah Ayu Pusparani. Ku geulis-geulisna eta putri, loba lalaki anu hayang ngalamar, boh pangeran, oge jelema biasa. Kusabab loba lalaki anu ngalamar anakna, jeung sieun kena-kena lalaki anu geus di tolak lamarana teh nyeri hate terus nyerang karajaan manehna, Raja Brawijaya nyieun sayembara saha wae anu bisa mentangkeun busur sakti kyai Garudaweksa jeung ngangkat goong kyai Sekardelima, maka manehna nu bakal di jadikeun calon salaki keur anakna nyaeta putri Dyah Ayu Pusparani. Raja Brawijaya marentahkeun ka pengawal-pengawalna kudu ngabejaan pangeran-pangeran, jeung rakyat.
Dina waktu nu tos di tangtukeun loba lalaki anu kumpul di alun-alun tempat keur diayakeunana sayembara. Prabu Brawijaya calik dina korsi singgasanana, saparantos busur jeung goong di siapkeun Prabu Brawijaya nakol goong nu nandakeun yen pertandingan tos tiasa di mimitian. Hiji-hiji pangeran jeung anu lainna nyobaan mentangkeun busur jeung ngangkat goong tapi eweuh hiji-hiji acan anu bisa, malahan mah loba jelema nu cilaka jadina, kusabab maksakeun ngangkat jeung mentangkeun panah.
Dina waktu Prabu Brawijaya rek nakol goong keur nandakeun yen sayembarana geus beres, jol jajaka anu sirahna sapi hayang ngiluan sayembara, anjeuna nyarios,
"ampun Gusti Prabu, sim kuring hoyong ngiringan ieu sayembara, sim kuring nyuhunkeun widina"
ku Prabu Brawijaya di tanya
 "hei, saha ngaran maneh?"
"sim kuring Lembu Sura"
Prabu Brawijaya mere idin ka eta jajaka, da pamikirna eta jajaka moal bisaeun ngangkat jeung mentangkeun panah, sarua siga nu lain.
"sok, ku urang di idinan maneh ngiluan ieu sayembara"
Ku kasaktian Lembu Sura, bisaun ngangkat goong Kyai Sekardelima jeung mentangkeun panah Kyai Garudaweksa. kabeh nu lalajo ngadukung Lembu Sura, beda jeung Putri anu embungeun Lembu Sura meunang, da manehna embung boga salaki goreng patut siga Lembu Sura. putri eta lumpat ka istana bari jeung ngomong
"urang embung boga salaki siga manehna"
Ngadenge  yen anakna embungeun ka eta jajaka, raja ngarasa boga dosa gede ka anakna, naha make ngayakeun sayembara ieu, tapi salaku raja, manehna tetep kudu ngalaksanakeun jangjina eukeur ngajaga martabatna salaku raja.
"Hadirin, saluyu jeung jangji tadi, maka Lembu Sura bakal di kawinkeun jeung putri Dyah Ayu Pusparani"
Putri masi keneh embung narima yen pisalakieunana nyeta jajaka anu goreng sopak, manehna ngurung di kamar, embung nginum, embung dahar. Ninggali kalakuan putri aya hiji pembantu anu ngolo putri.
"ampun putri, upami putri teu kersa nikah sareng Lembu Sura, langkung sae upami putri milarian jalan sanes" ceuk eta pembantu.
Ngadenge kitu putri langsung hanjat tina ranjang tempat sarena,
"bener oge nya ma, urang kudu neangan akal ngarah urang teu jadi di kawinkeun ka si Lembu Sura, tapi kumaha carana?
"ampun tuan putri, kumaha lamun putri masihan sarat nu langkung hese ka Lembu Sura?"
"coba naon kira-kira saratna ma?"
"kumaha lamun putri nyungkeun dipangnagdamelkeun sumur di puncak gunung kelud, alesanamah kanggo ibak putri saparantos nikah, tapi dibere waktuna ngan sawengi?"
Ngadenge usul ti pembantuna, putri langsung ngomong ka Lembu Sura, yen manehna hanyang dipangnyieunkeun sumur. Ngadenge sarat nu dipikahayang ku putri kitu, langsung wae Lembu Sura naek ka gunung Kelud, di baturan ku kulawarga karajaan jeung oge putrina.
Nepika puncak Gunung Kelud, Lembu Sura langsung nggali make tanduk manehna,Teu kungsi lila sumurna oge beuki jero, sedengkeun waktu masihkeneh lila ka beurang, ninggali kitu putri menta ka bapana yen Lembu Sura kalah kumaha oge kudu gagal nyieun sumur eta. Kusabab raja nyaah ka anakna jeung embung anakna boga salaki ka jeleme goreng, raja neangan akal keur maehan Lembu Sura, Raja marentahkeun pengawal-pengawalna nutupan sumur nu geus digali ku Lembu Sura make batu garalede, ngabeh Lembu Sura oge ngilu kapaehan dina jero sumur eta. Lembu Sura nu masih keneh aya dina jero sumur nggorowok menta tulung.
"Tulung,.. Tulung"
Teu kungsi lila sumur nu geus di gali katutup deui ku batu jeung taneuh, tapi mesina sumur eta geus katimbun deui ku batu jeung taneuh, tapi sora Lembu Sura masih kadenge, manehna nyumpahkeun Prabu Brawijaya jeung sakabeh rahayat kediri ku sabab geus nganyerihatekeun manehna.
"Hei urang Kediri, dina hiji poe engke bakal narima babales ti aing, Kediri bakal jadi susukan, Blitar bakal jadi dadarat, jeung Tulungagung bakal jadi tempat cai nu jerona kacida"
Dina sumpahna Lembu Sura, unggal 2 windu sakali manehna bakal ngarusak daerah karajaan Brawijaya, ngabeh kabeh rahayatna sarieuneun. Sagala popolah geus di laksanakeun sangkan sumpahna Lembu Sura teu kajadian, raja marentahkeun pengawalna nyieun bendungan anu kuat,(ayeunamah geus rubah ngarana jadi gunung pegat) jeung sok ngayakeun salametan nu disebut larung sesaji, tapi mesina geus kitu oge anggeur we sumpah Lembu Sura sok kajadian,unggal gunung Kelud bitu, masarakat nu didaerah dinya sok ngomong yen eta teh balesan ti Lembu Sura anu nyeri hate ka Brawijaya jeung anakna.

                                                                                                                                         

Tidak ada komentar:

Posting Komentar